Bawang

Rupa-rupa bawang
bawang daun

Bawang;(Allium) nyaéta ngaran beubeutian nu sok dipaké masak.[1] Beuti bawang banguna méh buleud nyungcung, daunna buleud paranjang siga jarami.[2] Jenis jenis bawang aya rupa-rupa saperti :

  1. Bawang banggala nyaéta bawang nu gedé pisan
  2. Bawang beureum nyaéta bawang anu beutina beureum
  3. Bawang bodas nyaéta bawang anu beutina bodas
  4. Bawang Daun nyaéta sabangsa bawang teu beutian daunna buleud panjang sarta sagedé curuk.[2]

Dumasar jenisna, bawang anu miboga mangpaat paling réa nyaéta bawang bodas.[2]
[3]

  1. Jonathan, Rigg; Jonathan (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 194 
  2. a b c R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  3. (id)manfaat bawang [tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 26 Oktober 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne