Basa Portugis

Basa Portugis (português  atawa líungua português) nyaéta salah sahiji basa Roman anu loba diaromongkeun di Portugal, Brasil, Angola, Mozambik, Ujung Verde, sarta Timor Lésté. Yu87Basa Portugis mibanda leuwih ti 200 juta panyatur tulén, ku kituna nyaéta salah sahiji basa anu diaromongkeun sacara lega di dunya, sarta mangrupa basa anu panglobana kalima atawa kagenep di dunya.

Basa Portugis nyaéta basa anu panglobana dipaké di Amérika Kidul, alatan Brasil anu mibanda nu nyicingan 184 yuta (mangrupa kira-kira 51% ti total populasi Amérika Kidul). Basa ieu ogé nyaéta basa minoritas anu penting di Andorra, Luxemburg, sarta Namibia.

Basa Portugis sumebar ka sakumna dunya dina abad ke-15 sarta abad ke-16, waktu Portugal nyiptakeun karajaan kolonial sarta dagang kahiji anu pangkolotna di dunya. Aya leuwih ti 20 macem dialék basa Portugis.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne