Cuhcur | |
---|---|
![]() Cuhcur hideung nu maké gula kawung | |
Ngaran alternatif | Cucur (Indonésia, Malaysia), khanom fak bua atawa khanom chuchun (Thailand) |
Bagéan | Kuéh |
Tempat asal | Indonésia, Malaysia, Thailand jeung Viétnam |
Wewengkon atawa nagara | Asia Kidul Wétan |
Suhu pidangan | panas, haneut, atawa tiis |
Bahan utama | Tipung béas, gula, cipati |
![]() ![]() |
Cuhcur atawa kuéh cuhcur (basa Indonésia: cucur, basa Thailand: khanom fak bua, ขนมฝักบัว, diéjah [kʰā.nǒm fàk būa̯] atawa khanom chuchun (ขนมจู้จุน atawa จูจุ่น)) nyaéta kadaharan has Sunda nu dijieun tina campuran tipung béas, gula jeung cipati.[1] Ieu kuéh ogé dipikawanoh di sakuliah Indonésia, Malaysia, Thailand jeung Viétnam.[2] Di wewengkon Sunda, kuéh cuhcur sok dijual di pasar sarta geus teu bireuk deui.[3] Ari di Brunéi jeung Malaysia, istilah cucur téh dipaké pikeun nyebutkeun goréngan.[2] Jenis cuhcur nu populér di Brunéi jeung Malaysia mah aya Jemput-jemput (Cokodok) jeung Pinjaram (Kuih cucur gula merah/melaka).[2] Di Thailand Kidul, kuéh cuhcur sok disuguhkeun dina acara hajatan nikahkeun.[4]
Ieu caneuteun, dijieun tina tipung béas dicampurkeun jeung gula kawung, sisina ipis tengahna kandel, nyongclo buleud kawas endog ceplok.[5] Urang Thailand mibanda kayakinan yén cuhcur téh sarupa kawas taraté ni tumuwuh dina kaayaan kumabaé.[4] Jadi, ieu téh kawas katrésna papasangan nu anyar nikah, bakal tumuwuh kalawan lancar jeung suksés dina hirup rumah tanggana.[4] Urang Thailand sok nyuguhkeun cuhcur dina acara hajatan.[4] Sakapeung mah sok dijadikeun hadiah.[4] Biasana, urang Thailand sok langsung didahar saprak nyat anyar ngagoréng lantaran hipu jeung haneut kénéh.[4] Mun diengkeun lila teuing mah sok jadi cepet jeung tengal, loba minyakan deuih.[5]