Astronomi

Astronomi, nu sacara étimologis hartina "hukum béntang" (tina Basa Yunani: αστρονομία = άστρον + νόμος) mangrupa élmu nu ngawengku panalungtikan jeung katerangan kajadian-kajadian nu tumiba di luareun Marcapada jeung atmosfirna. Astronomi ngulik sasakala, évolusi, sipat-sipat kimia jeung fisika objék-objék nu bisa kapanggih di langit (luareun Bumi), sarta prosés-prosés nu patali.

Astronomi bulan: kawah nu badag nyéta Daedalus, fotograf beunang awak Apollo 11 nalika maranéhna ngurilingan Bulan taun 1969. éta tempatna deukeut tengah sisi jauh Bulan Bumi, jeung diaméterna kira-kira 93 kilométer (58 mil).

Astronomi mangrupa salah sahiji ti saeutik élmu ti mana para amatir bisa boga peran nu aktif, utamana dina manggihan jeung ngawaskeun fénoména transién. Astronomi euweuh patalina jeung astrologi, pseudoscience nu nyoba-nyoba ngaramalkeun takdir jalma ku jalan nyukcruk jalur objék astronomis. Sanajan dua widang éta babagi sumber nu méh sarua, ari sabenerna mah béda pisan; astronomer maké métode ilmiah, sedengkeun astrologer mah henteu.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne